Attawabiin (التوابين) Headline Animator

Rabu, 13 Juni 2012

Silsilah Rasulullah SAW dalam teks bahasa sunda


Wajib ka jalma islamna                
uninga rundayanana
jeung nabi utusan Alloh
Muhammad putera Abdulloh 2x

Abdulloh putera Mutholib
Mutholib puterana Hasyim
Hasyim putera Abdi Manaf
Abni Manaf putera Qushoy 2x

Qushoy puterana Kilab
Kilab puterana Murroh
Murroh puterana Ka’ab
Ka’ab putrana Lu’ay 2x

Lu’ay puterana Gholib
Gholib puterana Fihir
Fihir puterana Malik
Malik putrana Nadhor 2x

Nadhor putera Kinanah
Kinanah putera Khuzaimah
Khuzaimah putera Mudrikah
Mudrikah putrana Ilyas 2x

Ilyas puterana Mudhor
Mudhor puterana Nizar
Nizar puterana Ma’ad
Ma’ad putrana ‘Adnan 2x

Nuwajib dugi ka ‘Adnan
Haram nguningakeunana
ti ‘Adnan dugika ka Adam
Sabab taya jalan shoheh 2x

Wajib deui uningana
Rundayana ti Ibuna
jeung Nabi utusan Alloh
Muhammad putera Aminah 2x

Aminah puterana Wahab
Wahab putera Abdi Manaf
Abdi Manaf putera Zuhroh
Zuhroh putrana Kilab 2x

tepang deui ti ramana
ti Kilab janggawarengna
jadi ibu jeung ramana
masih keneh sarundayan 2x